dihandap ieu aya sababara hiji conto rumpaka anu eusina sisindiran
(1).
Bangkong dikongkorong kujang,
ka cai kundang cameti,
kolé di buah hanggasa.
Ulah ngomong méméh leumpang,
hirup ka tungkul ku pati,
paéh teu nyaho di mangsa.
(2).
Baturmah dibaju hideung,
abdi mah kabaya bae.
Batur mah dipikatineung,
abdi mah sangsara baé.
(3).
Kuma suling kuma suling,
suling téh ngan silung baé.
Kuma kuring kuma kuring,
kuring teh ngan bingung baé.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
0 komentar:
Posting Komentar